Dongeng paling singkat dalam bahasa sunda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban faizahmihani
Si Reungit jeung Ceuli
DIna hji mangsa aya raja bangsa reungit nu boga sueng alus pisan. Eta sueng dipapake terus kamana-mana, bari manehna agul jeung nembongkeun ka kabeh mahluk.
Dina hiji mangsa aya jelema nu teu resepeun ka eta ratu reungit, hayang nyokot eta sueng nu alus tea. Bari ngeteyep lalaunan eta jelema maling sueng dina ceuli ratu reungit tuluy lumpat. Si ratu reungit ngorejat bari ngoceak ka punggawana ngarah newak eta jelema. Tapi orokaya si jelema kaburu ngiles kabur.
Ti saprak eta ratu reungit terus nitahan pa para punggawana keur neangan suengna nu leungit di unggal ceuli jelema.
Pembahasan
Dongeng nyaeta carita baheula lolobana keur barudak, biasana loba pamohalanana. Siga carita di luhur ngeunaan ratu reungit make sueng atawa giwang. Apanan pamohalan reungit bisa make sueng, tapi dina dongeng so aya pituah nu aya gunana keur urang atawa keur barudak.
Siga dina dongeng di luhur pituah nu bisa dicokot nyaeta ulah ngabogaan sipat sombong jeung agul matak pikasebeleun batur. Sabalikna urang kudu handap asor, someah darehdeh sopan ka batur, ulang adigung gede hulu.
Dongeng di luhur oge bisa kaasup kana dongeng sasakala, nyaeta nu nyaritakeun asal muasal hiji perkara. Loba nu ngomongkeun yen dongeng eta sasakala kunaon reungit sok ngahiung kana ceuli jelema. Ngaranna dongeng jeung sasakala sok pamohalan, ku urang ngan bisa dicokot pituahna hungkul.
Pelajari lebih lanjut
Dongeng Sunda
- https://brainly.co.id/tugas/2263457
- https://brainly.co.id/tugas/7089698
- https://brainly.co.id/tugas/10238568
Detail Jawaban
Kelas: 7
Mapel: Bahasa Sunda
Bab:
Kode: 7
#AyoBelajar