B. Daerah

Pertanyaan

naon makaudna ungkara leuweung sumber cai bersih?

1 Jawaban

  • Ungkara basa Sunda "leuweung sumber cai bersih" maksudna nyaeta yen leuweung teh mangrupa tempat pikeun neundeun atawa nandean cai anu beresih pikeun dimangpaatkeun ku lingkungan di sabuderan eta leuweung. Alasannana sabab biasana ari leuweung mah sok tara kakotoran, saperti kakotoran ku polusi atawa kakotoran ku sumber-sumber kotoran lianna. Kusabab kitu leuweung teh mangrupa tempat anu alus jeung cocog pisan pikeun sumber cai beresih.

    Pembahasan  

    Kusabab kitu, leuweung kudu dijaga, leuweung kudu dijaga ulah nepi ka dugul. Kungsi aya oge hiji slogan anu nyebutkeun yen "lamun leuweung rusak, cai beak, manusa balangsak". Eta slogan teh alus jeung bener pikeun dijadikeun pangeling ka urang sarerea. Salian pikeun dijadikeun sumber cai beresih, leuweung oge miboga mangpaat pikeun nyegah banjir sarta ngajaga kaberesihan hawa lingkungan.

    Pelajari lebih lanjut

    • Leuweung sumber hawa beresih brainly.co.id/tugas/13880993
    • Leuweung sumber cai beresih brainly.co.id/tugas/8240465

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Miara Lingkungan

    Bab : 9

    Kode : 3.13.9

    Kata Kunci : Sumber cai bersih, basa Sunda

Pertanyaan Lainnya