B. Daerah

Pertanyaan

cik jien kalimah wawaran tina kecap
- iber - kagiatan
- kejadian - pamilon
- panata calagara - mieling
- halarea - ngamumule
- miharep

1 Jawaban

  • Kalimah wawaran nyaeta kalimah nu henteu miharep jawaban atawa tindakan sacara langsung ti anu narima atawa maca eta kalimah Ditilik tina fungsina aya tilu rupa kalimah nyaeta kalimah wawaran, kalimah pananya jeung kalimah parentah.  

    Pembahasan

    Kalimah parentah miboga sawatara rupa kalimah nyaeta saperti kalimah panitah, kalimah panyaram, kalimah pangajak, kalimah panggeuri jeung kalimah pangjurung. Kukituna, dina nyieun conto kalimah wawaran ulah nepi ka pahili jeung jenis kalimah lianna anu dusebutkeun. Di handap ieu nyaeta conto kalimah wawaran tina kecap nu disebutkeun:  

    1. Iber, Kiwari mah iber teh ditepikeun ngalewatan sawatara rupa media  
    2. Kagiatan, Mimiti isukan rek diayakeun kagiatan gotong royong warga
    3. Kajadian, Kiwari mah meh unggal kajadian bisa gancang kanyahoan ku masarakat  
    4. Pamilon, Dina sawala kamari teh hadir sapuluh pamilon
    5. Panata calagara, Yudi jadi panata calagra dina pasanggiri kawih Sunda
    6. Mieling, Dina raraga mieling poe kamerdekaan, minggu ieu rek diayakeun pasanggiri maca sajak  
    7. Balarea, Eta warta teh geus dipikanyaho ku balarea  
    8. Ngamumule, Dina raraga ngamumule basa Sunda, unggal poe Rebo urang kudu nyarita pake basa Sunda
    9. Miharep, Dedi teh miharep manehna bisa katarima sakola ka SMAN 1

    Pelajari lebih lanjut

    • Conto kalimah wawaran https://brainly.co.id/tugas/3227258
    • Naon nu dimaksud kalimah wawaran https://brainly.co.id/tugas/3495308
    • Ciri-ciri warta https://brainly.co.id/tugas/1697045

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Warta

    Bab : 2

    Kode : 8.13.2

    Kata Kunci : Kalimah wawaran

Pertanyaan Lainnya