B. Daerah

Pertanyaan

Naon sababna carita dongeng miboga ciri anonim?

1 Jawaban

  • Carita nu aya dina hiji dongeng biasana sumebar sacara lesan atawa tatalepa, kusabab kitu biasana nu nulis atawa nu ngarang dongeng mah tara dipikawanoh atawa anonim. Salian ti pangarangna anonim, kusabab sumebarna sacara lesan atawa tatalepa, hiji carita dongeng anu aya di hiji daerah sok miboga versi anu beda jeung carita dongeng di daerah lianna, sanajan eta dongeng teh eusina sacara umum sarua.

    Dongeng teh mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasupna kana karya sastra dina wangun prosa buhun. Conto karya sastra lianna, salian ti dongeng, anu kaasup kana prosa buhun nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.


    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng

    Kelas : X (1 SMA)

    Kata Kunci : Tatalepa, anonim

Pertanyaan Lainnya