B. Daerah

Pertanyaan

Nurutkeun hidep kumaha teknik ngadongeng anu bener tur bisa ngirut paniten anu ngaregepkeun?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng

    Kelas : X (1 SMA)

    Pembahasan :


    Ngadongeng beda jeung maca dongeng. Dina ngadongeng, nu ngadongeng kudu apal pisan kana carita dongeng anu rek didongengkeun. Sedengkeun dina maca dongeng nu maca dongeng henteu perlu apal pisan kana eusi carita nu aya dina eta dongeng. Dina dongeng aya sawatara teknik atawa hal anu perlu diperhatikeun.


    Hal anu perlu diperhatikeun dina waktu ngadongeng nyaeta anu aya patalina jeung pilihan kecap anu digunakaeun dina waktu ngadongeng, bentesa sora atawa lafal dina waktu nyarita, luhur handapna sora atawa lentong, penjiwaan sarta paroman dina waktu ngadongeng.

Pertanyaan Lainnya